AgamaHallo PolisiHallo TNIKarya JurnalistikNewsRagamRedaksi

Mimbar Dakwah Bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., : Introspeksi diri

×

Mimbar Dakwah Bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., : Introspeksi diri

Sebarkan artikel ini
Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I

Penajournalis.com, – Mimbar Dakwah bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., da’i Kamtibmas /Rohbintal Polsek /Koramil Polres /Kodim Garut, Ketua MUI desa Margacinta, Dewan Penasehat Rohani Penajournalis.com, Guru Besar Majelis Taklim/Madrosah Sunan Mataram Kp Cikukuk (27/04/2021).

Introspeksi diri
Assalamu’alaikum Wr.Wb.

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيوةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلاً. أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الَّذِى اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَىالدِّيْنِ كُلِّهِ وَكَفَى بِاللهِ شَهِيْدًا وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا وَدَاعِيًا اِلَىاللهِ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللّهُمَّ صَلِّ عَلى مُحَمَّدٍ وَعَلى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنِ اتَّبَعَ الْهُدىْ أَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوْاللهَ اِلَىالْخَيْرِ قَرِيْبًا وَعَنِ الشَّرِّ بَعِيْدًا أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ يَآاَيُّهَاالَّذِيْنَ آمَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُّسْلِمُوْنَ
Hadirin rohimakumulloh
Saparantosna manjatkeun puja puji kalih syukur ka hadirat Alloh Swt. Dzat anu ngurus, ngatur, ngajaga sarta ngariksa ieu alam, teu hilap pamugi sholawat kalih salam dilimpah curahkeun ka junjunan urang sadayana, pamimpin sajati buktosna kangjeng Rosul Muhammad SAW.

Hadirin rohimakumulloh
Dina danget ieu urang nuju dilimpudan ku rasa kabingah, tumali alhamdulillah urang sadayana aya dina sasih anu mulya nyaeta, sasih romadhon.
Ibadah shaun dina sasih romadhon kanggo urang sadayana ngagaduhan makna anu langkung luhung turta jero ka bina bina. Sanes mung sakadar ngosongan patuangan tina barang tuang kalih ngaleueut wungkul, namung ngagaduhan makna turta tujuan anu jelas secara ruhaniyah anu jadi pangdorong sangkan mampuh hiruf mawa mangfaat jeung maslahat, sahingga ngawujud rasa pri kamanusaan antara sasama hambana Alloh Swt. Jalmi anu teu mampu ngarasakeun mampaatna hasil tina shaumna, pasti moal tiasa ngawujudkeun kamaslahatan shaumna. Kumargi sakitu wajar saupamina kangjeng Nabi Muhammad SAW ngadawuh dina haditsna:

رُبَّ صَائِمٍ حَظُّهُ مِنْ صِيَامِهِ الْجُوعُ وَالْعَطَشُ ، وَرُبَّ قَائِمٍ حَظُّهُ مِنْ قِيَامِهِ السَّهَرُ

“Seueur ari nu shaumnamah, namung teu kengeng naon naon tina ladang shaumna, anging sebatas lapar kalih hausna wungkul, jeung teu sakedik jalmi anu ngalaksanakeun sholat, tapi sholatna teu meunang naon naon anging sebatas nyaring jeung tunduhna wungkul”
Merhatoskeun kana eusi eta hadits, netelakeun oge maparin isyarat anu eces sarta temres ka urang sarerea, yen sakabeh nungarana ibadah ritual anu mana wae jenis ibadahna moal ngahasilkeun nilai anu sae di sagedeng Alloh salami eta ibadah teu mawa kana kamaslahatan hirup keur dirina atawa balarea.
Maka kuayana kitu milampah sholatna, shaum, zakat, haji sareng anu sanesna wajib mawa tapak kana kahirupanana. Ulah dugika ngalaksanakeun ibadah kulantaran aya motipasi diluar kaikhlasan sok kantenan kulantaran gengsi, atanapi ibadah dijadikeun alat politik sangkan disangka sholeh.

Hadirin rohimakumulloh
Hancurna hiji nagara jeung bangsa, saupami pangeusina geus teu amanah, teu jujur pon nyakitu deui teu ikhlas dina enggoning ngajalankeun syareat agama. Sahingga agama ngan sakadar dijadikeun tameng jeung papaes hirup wungkul, lain di jadikeun pedoman hiruf anu sajati sangkan mawa kana kamaslahatan dunya kalih akhirat.
Saupamina para pamimpin darolim, rakyatna maraksiat, kamungkaran mahabu di mana mana, maka teu nutup kamungkinan dina situasi jeung kondisi anu saperti kitu Alloh ngalungsurkeun siksana nu mangrupi adzab ka eta nagri, sakumaha pidawuhna

وَإِذَآ أَرَدۡنَآ أَن نُّهۡلِكَ قَرۡيَةً أَمَرۡنَا مُتۡرَفِيهَا فَفَسَقُواْ فِيهَا فَحَقَّ عَلَيۡهَا ٱلۡقَوۡلُ فَدَمَّرۡنَٰهَا تَدۡمِيرٗا

“Jeung saumpama kami rek nimpakeun hiji bencana ka hiji nagri, mangka kami marentahkeun ka jalma jalma anu hirufna marewah supaya maranehna taraat ka Alloh, tapi nyatana maranehna malah milampah kadorakaan di eta nagri, maka kulantaran kitu sapantesna lumaku katangtuan kami, tuluy kami ngahancur leburkeun eta nagri kalayan anu sa ancur ancurna” (QS. Al-Isro ; 16)

Hadirin rohimakumulloh
Mahabuna kamungkaran, kamaksiatan jeung kasarakahan hiruf penduduk hiji nagri, baris ngaakibatkeun katalangsarana balarea, kalebet anu teu tuah teu dosa.
Kumargi sakitu, wajib introspeksi kana diri pribadina bari dituturkeun ku tobat sangkan ieu nagara/ bangsa salamet tina panca bahaya. Oge penting ngoreksi diri masing masing tina rupa rupa kakurangan jeung kasalahan, bari teu rek sibuk merhatikeun ka kakurangan batur, sakumaha pidawuh Rosululloh SAW dina salah sawios haditsna:

طُوْبَى لِمَنْ شَغَلَهُ عَيْبُهُ عَنْ عُيُوْبِ النَّاس

“Bagja jalma nu disibukeun pikeun neangan kasalahan dirina tinimbang neangan kasalahan batur”
Riweuhna ieu alam jeung lingkungan mayarakat, saupamina seueur jalma anu disibukeun neangan kakurangan, kasalahan jeung kalemahan batur, bari mopohokeun kana kakurangan dirina.
Tah sikep jeung prilaku anu saperti kitu teu kinteun ngabahayakeunna dina kahirupan sosial kamasyarakatan, langkung sae ngontrol kana diri pribadi katimbang ngontrol anu sanes sok kantenan upami kacampuran ku fitnah atanapi hoak.
Pendidikan romadhon pikeun ningkatkeun kualitas diri, kualitas kaislaman urang sadayana supaya selaras jeung hakekat ajaran islam anu sabenerna.

Hadirin rohimakumulloh
Dina suasana sasih ramadhan, hayu urang tafakkur jeung tadabbur kumaha pentingna ningkatkeun amal sholeh, ngajaga silaturahmi, jeung dzikrulloh. Meruhkeun hate sangkan ikhlas jeung beresih tina rereged batin. Turut tumutna hate kana kasadaran diri eta ciri bukti jalma anu iman turta sumerah kana diri ka Dzat Illahi Robbi. Sawangsulan kasarakahan, turta hiruf nekad dina sagala bidang kasalahan eta nandakeun ciri kotorna batin anu sumberna tina hawa nafsu , maka ku ayana kitu Alloh Swt, mepelingan ka urang sadayana dina pidawuhNa:

أَلَمۡ يَأۡنِ لِلَّذِينَ ءَامَنُوٓاْ أَن تَخۡشَعَ قُلُوبُهُمۡ لِذِكۡرِ ٱللَّهِ وَمَا نَزَلَ مِنَ ٱلۡحَقِّ وَلَا يَكُونُواْ كَٱلَّذِينَ أُوتُواْ ٱلۡكِتَٰبَ مِن قَبۡلُ فَطَالَ عَلَيۡهِمُ ٱلۡأَمَدُ فَقَسَتۡ قُلُوبُهُمۡۖ وَكَثِيرٞ مِّنۡهُمۡ فَٰسِقُونَ ١٦

“Naha teu acan datang waktuna pikeun jalma jalma anu ariman pikeun tunduk taluk hate maranehna kana mieling ka Alloh jeung kana kabeneran anu geus turun kamaranehna…? jeng poma ulah rek saperti jalma jalma anu geus di bere kitab ti samemehna, lumaku pikeun maranehna waktu anu panjang, terus hate hate maranehna jadi teuas ngabatu sarta kalolobaan tiantara maranehna jadi jalma jalma anu daroraka.” (QS. Al-Hadid : 16)
Ayat anu nembe maparin pepeling ka urang sarerea, yen saupamina manusa geus teuas hate maka kabeneran anu datang kana dirina moal napak jadi pelajaran anu mangfaat. Saupamina jalma geus mabok ku hawa nafsuna, hate teh lir ibarat raja anu ngancik dina diri, saupamina raja geus gering, lumpuh, mangka hidayah Alloh Swt, moal bisa asup kana jiwana jadi panungtun kana dirina.

Hadirin rohimakumulloh
Ajaran shaom romadhon hakekatna ngalatih jiwa raga urang sadayana sangkan jadi jalama anu sholeh secara pribadi. Kasholehan pribadi wajib dibuktikeun sangkan jadi kasholehan sosial di tengah tengah masyarakat, jadi ukuran yen ajaran agama can bisa jadi pedoman hiruf, saumpama ayeuna bangsa urang keur aya dina krisis akhlaq bangsa. Krisis akhlak ngarupikeun hal anu kalintang ngabahayakeunna. Lantaran bisa mawa kana arah pikeun ngahalalkeun sagala cara. Eta sadayana bersumber tina akibat krisis akhlaqul karimah anu jadi inti ajaran agama. Rosululloh SAW ngadawuh dina haditsna :

إِنَّمَا بُعِثْتُ لأُتَمِّمَ مَكَارِمَ الأَخْلاقِ

“Saenyana pangna kaula diutus, estu keur nyampurnakeun akhlaq anu mulia,”

Hadirin rohimakumulloh
Kumargi kitu saupamina hiji bangsa kalih nagara hoyong nanjeur kalayan panceg bari barokah sahingga kahirupanana sejahtra, kaamananna oge tengrem kalayan hukum aya dina kaadilan teu cueut kanu hideung ponteng kanu koneng, kaadilan sosial lumaku pikeun kapentingan balarea, teu aya pilihan deui kajabi masing masing ngagaduhan ahlakulkarimah anu di dadasaran ku syariat agama, utamina agama islam. Sakumaha paribahasa arab netelakeun:

إِنَّمَا الْأُمَمُ الْاَخْلاَقُ مَا بَقِيَتْ فَإِنْ هُمُو ذَهَبَتْ اَخْلاَ قُهُمْ ذَهَبُوْا

“Satemenna nanjeurna hiji bangsa eta gumantung kana akhlaqna. Saupama akhlaqna hiji bangsa geus leungit, maka baris hancur eta angsa.”
Urang sadayana wajib introspeksi kana dirina, oge wajib ningkatkeun kualitas kawaspadaan diri. Ulah dugi ka kapangaruhan ku pangaruh anu matak mawa kana kahancuran tatanan kahirupan berbangsa katut bernegara ku alatan ruksakna akhlaq.
Eusian ieu nagri teh ku kaimanan jeung ka taqwaan, malah mandar aya dina barokah Na, salami ieu bangsa dieusian ku kamungkaran, kamaksiatan, jeung rupa rupa kadorakaan, mangka ulah rek ngarepkeun ieu bangsa aya dina barokahna Alloh Swt. Sakumaha pidawuhna:

وَلَوۡ أَنَّ أَهۡلَ ٱلۡقُرَىٰٓ ءَامَنُواْ وَٱتَّقَوۡاْ لَفَتَحۡنَا عَلَيۡهِم بَرَكَٰتٖ مِّنَ ٱلسَّمَآءِ وَٱلۡأَرۡضِ وَلَٰكِن كَذَّبُواْ فَأَخَذۡنَٰهُم بِمَا كَانُواْ يَكۡسِبُونَ ٩٦

“Saupami hiji nagri pendudukna pada iman jeung taqwa, tinangtu Kami baris ngocorkeun kamaranehna lawang panto barokah ti langit jeung ti jeuro taneuh, tapi maranehna kalah ngabohongkeun kana ayat ayat kami, kusabab eta kami nyiksa kamaranehna kulantaran kalakuannana sorangan.” (QS. Al-A’rof : 96)

Pepeling Alloh Swt dina Al-Qur’an eta ngarupikeun “Tadzkiroh” anu haq, anu bener, kari urangna salaku manusa anu jadi hamba Alloh Swt. siap atanapi henteu pikeun ngamalkeuna??
Kulantaran sakitu, kasadayana hayu urang sasarengan ngoreksi diri bari tobat anu saleresna, tobat nasuha, oge ngarobah sikeup ku cara anu akur jeung syareat islam.

Hadirin rohimakumulloh
Dina akhir kalam ieu, mangga urang sami sami namprakeun dampal panangan munajat ka hadirot Alloh Swt. anu mana mudah mudahan aya dina magfiroh Na. Amin
Allohumma Ya Alloh pangeran abdi sadayana. Mugi gusti maparinkeun nikmat kasalametan ka abdi sadayana, kalayan pamugi gusti ngahapunten kana saniskanten kakirangan, kalepatan kalih kaalfaan abdi sadaya.
Allohumma Ya Alloh pangeran abdi sadayana. Paparinkeun ka abdi sadayana rohmat kalih barokah, salametkeun bangsa kalih nagara abdi tina marabahaya, Tebihkeun permusuhan sareng perpecahan, kalayan paparin hidayah kalih taufik para pamimpin abdi sadaya. Subur makmurkeun bangsa abdi sadaya, sarta kuatkeun abdi sadaya tina saniskanten ujian sareng cobian.
Allohumma Ya Alloh, Ya Robbi, Ya Karim. Sepuh sepuh abdi,karuhun karuhun abdi kalih kulawarga jeung baraya abdi anu tos teu aya di kieuna, pamugi di paparin nikmat qubur, oge pamugi dilebetkeun kana surga janatunnaim. Wargi wargi anu kiwari nuju teu daramang pamugi kalayan saenggalna di sehatkeun deui sapertos bihara bihari kalayan aya dina kashobaran. Amin
Pamugi gusti nampi kana do’a abdi sadayana
Mung sakitu mugi seueur manfaatna.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

(Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *