AgamaHallo PolisiHallo TNILintas DaerahNewsRagamRedaksi

Mimbar Dakwah Versi Sunda, Bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., : Istiqomah Dina Ibadah

130
×

Mimbar Dakwah Versi Sunda, Bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., : Istiqomah Dina Ibadah

Sebarkan artikel ini

Penajournalis.com, – Mimbar Dakwah versi Sunda bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., Da’i Kamtibmas Rohbintal Polsek Koramil Leuwigoong Polres Kodim Garut, Ketua MUI desa Margacinta, Pimpinan Majelis Taklim Sunan Mataram Kp Cikukuk, Dewan Penasehat Rohani Penajournalis (Jum’at 06/ Mei /2022)

Istiqomah dina ibadah
Assalamu’alaikum Wr.Wb.

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ خَلَقَ الْمَوْتَ وَالْحَيوةَ لِيَبْلُوَكُمْ اَيُّكُمْ اَحْسَنُ عَمَلاً. أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الَّذِى اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدَى وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلَى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَكَفَى بِاللهِ شَهِيْدًا وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا وَدَاعِيًا اِلَى اللهِ بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا. اَللّهُمَّ صَلِّ عَلى مُحَمَّدٍ وَعَلى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنِ اتَّبَعَ الْهُدىْ أَمَّا بَعْدُ فَيَا اَيُّهَاالنَّاسُ اِتَّقُوْاللهَ اِلَى الْخَيْرِ قَرِيْبًا وَعَنِ الشَّرِّ بَعِيْدًا

Saba’da manjatkeun puji syukur ka hadirot Alloh Swt., mangga urang ngantebkeun katakwaan ka Alloh Swt mangrupa sarat mutlak pikeun ngahontal kamulyaan sareng kabagjaan.
Sholawat miwah salam ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, ka para sohabatna sareng sakumna umat anu satia ka anjeuna.

Hadirin rahimakumullah
Shaum ramadhan kedah kapetik buah sareng manfa’atna ku dirina, keluargana, sareng ku sadayana salami urang masih hirup di alam dunya dugi ka alam akherat jaga, margi Allah swt. ngawajibkeun shaum ka jalma anu ariman supados janten jalma anu takwa. Ulah dugi ka rengse ramadhan teh tambah males hese beleke kana ibadah, keked mengkene kana sedekah, nungtutan kualitas ibadahna ngurangan.
Allah Swt ngadawuh :

وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّتِيْ نَقَضَتْ غَزْلَهَا مِنْۢ بَعْدِ قُوَّةٍ اَنْكَاثًاۗ

“Jeung poma maraneh ulah cara hiji awewe anu ngudaran benang tinunna salambar-salambar sanggeus jadi lawon.” (QS.An-Nahl : 92)

Hadirin anu mulya
Firman Alloh Swt tadi mangrupikeun pelajaran anu kalintang mundelna, anjeuna maparin conto ka urang sadayana ku hiji istri anu hirupna sia-sia. Ti enjing-enjing dugi ka sonten manehna ninun benang salambar-salambar dugi ka janten lawon, tapi nalika tinunan beres, di udaran deui hiji-hiji ku manehna. Hal ieu teh payus pisan upami di larapkeun ka jalma anu dina sasih shaum getol ibadah ka Allah Swt, tapi upami rengse sasih shaumna, mangka eta jalma uih deui kana kabiasaannana, kaleked hese beleke kana ibadahna. Rasulullah SAW kantos mitutur ka sala sawios shahabatna : ”Laa takun mitsla fulaan, kaana yaqumullaili tsumma taraka” (poma aranjeun ulah nurutan si fulan, tadina manehna rajin shalat peuting, tapi hanjakal ayeuna ku manehna ditinggalkeun). (HR. Bukhori-Muslim)

Hadirin rohimakumulloh
Sababaraha perkara anu tiasa dilaksanakeun, supados urang tiasa tetep renggenek aya dina kataatan ka Allah Swt, di antawisna :
Kahiji, Ngajaga tur ngaraksa kaimanan ka Allah Swt., di antawisna ku cara nguatan kaimanan, kataqwaan, ngajaga shalat, ibadah, nyambungkeun tali silaturrahim, infak sedekah, akhlaqul karimah sareng ngadu’a ka Allah Swt, supados ditetepkeun kaimanan. Sakumaha do’ana Rasulullah SAW, anu kaunggel dina Al-Qur’an :

رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوْبَنَا بَعْدَ اِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَّدُنْكَ رَحْمَةً ۚاِنَّكَ اَنْتَ الْوَهَّابُ

“Nun Gusti Pangeran abdi sadaya ! Mugi Gusti henteu nyasarkeun (kereteg) hate abdi sadaya, saparantosna Gusti maparin pituduh ka abdi sadaya, sareng mugi abdi sadaya ginuluran rahmat Gusti. Saestuna nya Gusti Nu Maha Berehan”. (QS.Ali Imron : 8)
Rasulullah SAW ngadawuh:

إِنَّ الإِيْمَانَ لَيَخْلُقُ فِي جَوْفِ أَحَدِكُمْ كَمَا يَخْلُقُ الثَّوْبُ، فَاسْأَلُوْا اللهَ أَنْ يُجَدِّدَ الإِيْمَانَ فِي قُلُوْبِكُمْ

“Saestuna iman eta bener-bener bisa jadi ruksak dina awakna hiji jalma diantara aranjeun, lir ibarat ruksakna pakean. Mangka geura nyuhunkeun tulung ka Allah supaya ngaweuteuhkeun deui iman dina hate aranjeun”. (HR.Al-Hakim & Ath-Thobari)

Kadua, Muraqabatullah sareng Dzikrullah. Muroqobah hakekatna nyaeta, “sakuduna aranjeun ibadah ka Allah lir ibarat anjeun ngauninga anjeuna. Lamun anjeun teu ngauning anjeuna, mangka sing yakin, saestuna anjeuna ningali ka anjeun”. (HR. Bukhori-Muslim)
Perkara anu tiasa nganteurkeun urang kana muraqabatullah teh nyaeta nyeueurkeun eling ka Allah Swt, sakumaha pidawuh-Na :

الَّذِيْنَ اٰمَنُوْا وَتَطْمَىِٕنُّ قُلُوْبُهُمْ بِذِكْرِ اللّٰهِ ۗ اَلَا بِذِكْرِ اللّٰهِ تَطْمَىِٕنُّ الْقُلُوْبُ

“(Nyaeta) jalma-jalma anu ariman turta tengtrem hatena lantaran dzikir ka Allah. Perhatikeun, ngan ku jalan dzikir ka Allah hate (manusa) jadi tengtrem”. (QS.Ar-Ro’du : 28)
Dina ayat anu sanes Allah Swt ngadawuh :

فَاذْكُرُوْنِيْٓ اَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْا لِيْ وَلَا تَكْفُرُوْنِ

“Atuh maraneh teh kudu inget ka Kami, sangkan Kami oge inget ka maraneh, jeung maraneh kudu muji syukur ka Kami sarta poma ulah deuk kufur ka Kami”. (QS.Al-Baqoroh : 152)

Hadirin anu mulya
Katilu, Ikhlas sareng leres dina ibadah ka Allah Swt. Sakumaha Firmana :

وَمَآ اُمِرُوْٓا اِلَّا لِيَعْبُدُوا اللّٰهَ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْنَ ەۙ حُنَفَاۤءَ وَيُقِيْمُوا الصَّلٰوةَ وَيُؤْتُوا الزَّكٰوةَ وَذٰلِكَ دِيْنُ الْقَيِّمَةِۗ

“Padahal maranehna teh teu ditimbalan, salian ti supaya ibadah ka Allah, kalawan ikhlas ngalaksanakeun agama karana anjeuna, jeung nyingkahan lampah sasar, sarta ngadegkeun shalat, nyumponan zakat, sabab eta teh agama anu lempeng”. (QS. Al-Bayyinah : 5)
Hadits Rasulullah SAW :

عَنْ أَبِي هُرَيْرَةَ، قَالَ: قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ: إِنَّ اللهَ لَا يَنْظُرُ إِلَى صُوَرِكُمْ وَأَمْوَالِكُمْ، وَلَكِنْ يَنْظُرُ إِلَى قُلُوبِكُمْ وَأَعْمَالِكُمْ

“Saestuna Allah teu ningali kana dedegan awak aranjeun, jeung teu ningali kana rupa aranjeun. Tapi Mantenna ningali kana hate aranjeun”. (HR. Muslim)
Dina hadits anu sanes anu diriwayatkeun ku Imam Bukhori-Muslim ti Jundab bin Abdullah ra : “Singsaha jalma anu nyieun kahadean niatna supaya didenge ku batur, tinangru Allah Swt bakal ngersakeun supaya jalma-jalma ngadenge kana amal manehna, jeung nya sakitu-kituna balesan amal manehna). Jeung singsaha jalma anu nyieun kahadean niatna supaya ditingali ku batur, tinangtu Allah Swt, bakal ngersakeun supaya amal manehna ditingali ku batur. Jeung nya sakitu-kituna balesan amal manehna”.
Mung sakitu anu kapihatur, mugia seueur guna sareng manfaatna.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I.

Reporter : Iwan Setiawan

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *