Karya JurnalistikNewsRagamRedaksi

Iwan Setiawan : Girimis Lumengis (Versi Bahasa Sunda)

×

Iwan Setiawan : Girimis Lumengis (Versi Bahasa Sunda)

Sebarkan artikel ini

Penajournalis.com, –

Geus jauh teuing ngalengkah teh Ninggalkeun tali-tali paranti ngaji diri Kasered caah unggal wanci Leutak pagaliwota jeung runtah, motah Ngemprakan nu teu bisa unggah Geus jauh teuing geuning kasered teh Kabawa gumuruhna napsu diri nu teu maranti Pangharepan ngarawel geusan pamuntangan Jukut riut, alimusa, eurih Saukur pangbebenjo ku kapeurih Ngeset hate nu kapepende Enya, nurih raheut kapeurih Gusti paparin areuy geusan pamuntangan Nu ngajait tina nyeotna leuwi Nu ngangkat tina ngaplakna sagara Sagara, enya sagara katunggara. (Salasa ping 23/03/2021).

Girimis kasorenakeun
ngantebkeun sawangan nu gugulantungan luhureun tarang
nilik diri nu teu surti, mawa raga nu teu wasa
nuturkeun aji nu maranti
awak rempo, lalinu unggal waktu
pananya ngaduruk jero dada
nyangkaruk hanjelu teu manggih tungtung
hanjakal ngabayah na letah, na hate, na dada
laju nyelek na tikoro, ngampar na eusi tarang
walatra nepi ka kacapuri

Girimis lumengis
nenjo awak nu geus salin jinis
tanaga ledis balas nyurung-nyurung pangajak rasa mudalkeun pangharepan nu samar kahayang kiwari jalan narawangan, sanajan layung geus teu surti kana wanci

Girimis geus salin jinis
jadi mangrewu-rewu jamparing, tingbelesat
dipentangkeun balebat rupa gondewa, tingkolepat mapay nyawa niruk dada
dina renghap-renghap panungtungan.

(Iwan Setiawan)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *