AgamaHallo PolisiHallo TNIKarya JurnalistikNewsRagamRedaksi

Mimbar Dakwah Versi Bahasa Sunda Bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., : Ningkatkeun Kualitas Amal Ibadah

×

Mimbar Dakwah Versi Bahasa Sunda Bersama Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., : Ningkatkeun Kualitas Amal Ibadah

Sebarkan artikel ini
Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I

Penajournalis.com, – Mimbar Dakwah Versi bahasa Sunda, Sinareung Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I., da’i Kamtibmas /Rohbintal Polsek /Koramil Polres /Kodim Garut, Ketua MUI desa Margacinta, Dewan Penasehat Rohani Penajournalis.com, Guru Besar Majelis Taklim /Madrosah Sunan Mataram Kp Cikukuk (01/05/2021).

Ningkatkeun kualitas amal ibadah
Assalamu’alaikum Wr.Wb.

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِىْ اَرْسَلَ رَسُوْلَهُ بِالْهُدىْ وَدِيْنِ الْحَقِّ لِيُظْهِرَهُ عَلى الدِّيْنِ كُلِّهِ وَلَوْكَرِهَ الْمُشْرِكُوْنَ، أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلى خَاتَمِ اْلاَنْبِيَآءِ وَالْمُرْسَلِيْنَ مُحَمَّدٍ وَّعَلى الِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ. أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ اِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوْتُنَّ اِلاَّ وَاَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ

Hadirin rohimakumulloh
Dina kasempetan ieu patut sarta payus upami urang sadyana muji sukur ka hadirat Allah Swt tumali Alhamdulillah sok sanaos situasi kalih kondisina masih diliputi ku ayana rasa kahariwang masih merebakna wabah covid 19 anu teu sakedik nimbulkeun korban jiwa di tambih kedah taat kana larangan mudik. Nanging alhamdulillah dina waktos ieu urang sadayana tiasa nohonan parentah Alloh Swt nyaeta ngalaksanakeun puasa ramadhan sok sanaos dina kaayaan serba sederhana.

Hadirin rohimakumulloh
Dina kasempetan ieu simkuring seja nguningakeun salah sawios ayat Allah anu ka unggel dina Al-Quran Surat An-Nahl Ayat 92 :

وَلَا تَكُوْنُوْا كَالَّتِيْ نَقَضَتْ غَزْلَهَا مِنْۢ بَعْدِ قُوَّةٍ اَنْكَاثًاۗ

Jeung poma aranjeun ulah rek nurutan cara awewe anu ngudaran benang hasil rajutanna salambar salembar sanggeusna jadi lawon.

Hadirin rohimakumulloh
Nu dimaksad poma anjeun ulah rek nurutan sapertos istri anu tos ngudaran benang hasil rajutanna salambar salambar, maksadna sakumaha dina riwayat di uningakeun yen di jaman Rosululloh aya istri anu jenengana Siti Robiah Addawiyah anu anjeuna ekeurmah eukeur ngagaduhan rupi anu teu kinten geulisna katurug katutuh ngagaduhan kaahlian nyaeta ngarajut benang sahingga ngawujud janten kain anu hasilna teu kinten saena, nanging dina riwayat kacarioskeun yen eta istri teh katarajang panyawat anu panyawatna dina istilah sunda kengeng di sebatkeun teu sapira nyaeta kirang sa eundan. Namung sok sanaos dina kaayaan kirang saeundan atanapi teu damang tetep ngagelisnamah rajin pon nyakitu deui ngarajutna, mung dimana parantos dangdos kalayan hasilna teu kinten gelisna anjena sok lungsur tibumina bari gumujeng nyalira kalayan pananganna di lebetkeun kana lumpur salajengna di balurkeun kana salirana, anu akhirna ical ka gelisana sahingga anu kawitna teu sakedik pameget anu ngahaja ngalambar supados janten picarogeeunna kiwari tong bororaah ngalambar malih dicaketan oge teu aya anu kersaeun. Pon nyakitu deui ngarajutna tetep rajin mung dimana parantos beres kalayan hasilna teu kinten saena sok di cabutan deui salambar salambar sahingga janten acak acakan anu akhirna tong bororaah anu ngahaja pesen di paparin oge teu aya anu kersa nampi, sok kantenan ibadah, sapertos conto nalika urang bade mayunan sasih shaum jauh sateuacanna urang tos mempersiapkeun diri kalayan rupi rupi persiapan kanggo amalkeuneun dina salami sasih shaum, salajengna nalika tos aya dina sasih saum ku urang di amalkeun sanis kanten amalan sakumaha nu tos di persiapkeun ti anggalna kalayan sa sae sae na, ti kawit shaum dina siangna sholat dina wengina mudarosah al-Quran kalih teu ka kantun infak shodaqohna, oge amalan anu sanesna, nanging nalika rengse ngalaksanakeun ibadah shaumna, saniskanten amalan anu kantos dipilampah dina salami sasih ramadhon teh kembali dikantunkeun deui sapertos sateuacanna ramadan malih langkung ngedul deui katimbang sasih ramadhan. Tah ibadah anu sapertos kitu teh saur Allah sakumaha nu aya dina ayat tadi di luhur teu aya guna jeung mangpaatna naon bentena sareng Siti Adawiyah tea anu tos ngarajut benang sahingga ngawujud janten kaen turta hasilna teu kinten saena mung dimana tos beres di cabutan deui salambar salambar maka eta kaen teh teu aya mangfaatna baroraah kanggo nu sanes dalah kanggo diri na oge teu nyandak mangfaat naon naon.

Hadirin rohimakumulloh
Kumargi sakitu mangga urang sami sami ngajaga kana sanis kanten amal kasaean anu ku urang di pilampah salami sasih ramadhon sahingga saum urang kalebet kana katagori saum anu makbul kalayan mabrur minimal sami sareng nalika ku urang di pilampah dina salami sasih ramadhan maksimal kedah langkung ningkat deui, anus sok dihartosanan sasih peningkatan.
Firman Alloh Swt dina QS. Al Baqaroh:148

فَاسْتَبِقُوا الْخَيْرٰتِۗ

“Mangka kudu berlomba-lombalah aranjeun dina jalan kasaean”

Hadirin rohimakumulloh
Faktor anu tiasa ngaruhan kana peningkatan kualitas amal ibadah, nyaeta: ningkatkeun kualitas kaikhlasan.
Ikhlas dina amalan mangrupakeun pokona dina satiap amal sholeh. Salajengna tingkatkeun unsur mutaba’ah (nuturkeun) Rasulullah SAW dina enggoning beribadah. Dua syarat anu bakal di tarimana amalan hiji jalma. Allah Swt berfirman:

فَمَنْ كَانَ يَرْجُوا لِقَآءَ رَبِّهِ فَلْيَعْمَلْ عَمَلاً صَالِحًا وَلاَيُشْرِكُ بِعِبَادَةِ رَبِّهِ أَحَدًا

“Singsaha jalma anu miharep patepung sinareng pangerana (Rabbna), anjeuna kedah midamel amalan anu sholeh sareng anjeun ulah mempersekutukeun hiji jalma dina beribadah ka pengerana ”. (Al Kahfi/18 : 110)
Dina akhir kalam ieu, mangga urang sami sami namprakeun dampal panangan munajat ka hadirot Alloh Swt anu mana mudah mudahan aya dina magfiroh Na. Aamiin Ya Robbal ‘Alamin
Allohumma: Ya Alloh pangeran abdi sadaya. Mugi gusti maparinkeun nikmat kasalametan ka abdi sadaya, kalayan pamugi gusti ngahapunten kana saniskanten kakirangan, kalepatan kalih kaalfaan abdi sadaya.
Allohumma: Ya Alloh pangeran abdi sadaya. Paparinkeun ka abdi sadaya rohmat kalih barokah, salametkeun bangsa kalih nagara abdi tina marabahaya, Tebihkeun permusuhan sareng perpecahan, kalayan paparin hidayah kalih taufik para pamimpin abdi sadaya. Subur makmurkeun bangsa abdi sadaya, sarta kuatkeun abdi sadaya tina saniskanten ujian sareng cobian.
Allohumma: Ya Alloh, Ya Robbi, Ya Karim. Sepuh sepuh abdi,karuhun karuhun abdi kalih kulawarga jeung baraya abdi anu tos teu aya di kieuna, pamugi di paparin nikamat qubur, oge pamugi dilebetkeun kana surga Jannatunnaim. Wargi wargi anu kiwari nuju teu daramang pamugi kalayan saenggalna di sehatkeun deui sapertos bihara bihari kalayan aya dina kashobaran. Aamiiin
Pamugi gusti nampi kana do’a abdi sadayana
Mung sakitu bae anu tiasa di kapayunkeun, mugi seueur manfaatna
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

(Ustadz Aceng Anwar S.Kom.I.)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *