AgamaIWO (Ikatan Wartawan Online)Karya JurnalistikNewsRagamRedaksi

Mimbar Dakwah Petang Bersama Ustadz Aceng Anwar, S.Kom.I : ” Keseimbangan Hidup “

×

Mimbar Dakwah Petang Bersama Ustadz Aceng Anwar, S.Kom.I : ” Keseimbangan Hidup “

Sebarkan artikel ini


Assalamu’alaikum Wr.Wb.

اِنَّ الْحَمْدَ ِللهِ نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ وَنَعُوْذُ بِاللهِ مِنْ شُرُوْرِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا مَنْ يَهْدِىاللهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِىَلَهُ، أَشْهَدُ اَنْ لاَ اِلهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ اَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ لاَنَبِىَّ بَعْدَهُ، اَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى مُحَمَّدٍ وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ وَالَهُ. أَمَّا بَعْدُ فَيَا عِبَادَ اللهِ أُوْصِيْكُمْ وَاِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ : يَااَيُّهَا الَّذِيْنَ امَنُوْا اتَّقُوْا اللهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّاقَدَّ مَتْ لِغَدٍ وَاتَّقُوْا اللهَ اِنَّ اللهَ خَبِيْرٌ بِمَا تَعْمَلُوْنَ (الحسر: 18)

Hadirin rohimakumulloh
Saba’da manjatkeun puji syukur ka hadirot Alloh Swt., anu parantos maparin kasehatan, karunia sareng maghfirohna. Solawat salam urang curah limpahkeun ka Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, para sohabatna sareng sakumna umat anjeuna. Mangga urang sasarengan ningkatkeun katakwaan ka Alloh Swt pikeun ngahontal kamulyaan sareng kabagjaan ti anjeuna.

Hadirin rohimakumulloh
Alhamdulillah dina taun anyar 1443 H urang tingkatkeun kualitas kaimanan, katakwaaan jeung kahirupan anu mangfaat kanggo umat, dina nyanghareupan tantangan zaman anu kacida pisan abotna. Wujudkeun Islam rahmatan lil’alamin dina aktifitas kahirupan sadidinten ku amal sholeh, shobar, tawakal, syukuran katut sagala rupi ibadah nu mangrupa tujuan hirup sadayana.
Firman Alloh Swt. :

وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْاِنْسَ اِلَّا لِيَعْبُدُوْنِ

“Jeung teu pati-pati Kami nyiptakeun jin jeung manusa ka-jaba supaya aribadah ka Kami”. (QS. Adz-Dzariyat, 51: 56)

Ibadah teh ngalaksanakeun tugas hirup, tujuan hirup jeung ajaran Islam anu dumasar kana al-Qur’an sareng al-Hadits. Ibadah nyaeta ngalaksanakeun tugas kakholifahan pikeun ngokolakeun alam dunya, migawe amal anu mangfaat ka sasama makhluk ciptaan Alloh Swt.
Firman Alloh Swt:

وَاِلٰى ثَمُوْدَ اَخَاهُمْ صٰلِحًا ۘ قَالَ يٰقَوْمِ اعْبُدُوا اللّٰهَ مَا لَكُمْ مِّنْ اِلٰهٍ غَيْرُهٗ ۗهُوَ اَنْشَاَكُمْ مِّنَ الْاَرْضِ وَاسْتَعْمَرَكُمْ فِيْهَا فَاسْتَغْفِرُوْهُ ثُمَّ تُوْبُوْٓا اِلَيْهِ ۗاِنَّ رَبِّيْ قَرِيْبٌ مُّجِيْبٌ
(هود : 61)

“Jeung ka kaom Tsamud (kami geus ngutus) dulurna, Sholeh. Sholeh nyarita, “He kaom kami prak ku aranjeun sembah Gusti Alloh. Saestuna teu aya deui pangeran pikeun aranjeun anging anjeuna. Anjeuna (Alloh) nu geus nyiptakeun aranjeun tina ieu bumi (taneuh) jeung ngajadikeun aranjeun pikeun ngamakmurkeunana. Ku kituna aranjeun geura menta pangampurana sarta prak tarobat ka anjeuna. Saestuna Pangeran kami teh nu kacida deukeutna (rohmatna) sarta nu ngaijabah (do’a abdi-abdina)”. (QS. Hud, 11: 61)

Hadirin rohimakumulloh
Aya tilu rupa tugas jeung fungsi hirup urang di alam dunya, diantarana:
Kahiji, syukuran tina sagala nikmat nyaeta ngamangfaatkeun sagala karunia Alloh Swt pikeun ngawangun kahirupan di dunya jeung akherat anu dipikarido ku Gusti Alloh Swt.
Kadua, midamel amal sholeh ka papada jalma ku rupa-rupa kasaean, boh ku pikiran, ucapan jeung perbuatan.
Katilu, Saimbang dina ngariksa diri, kulawarga, masarakat jeung ka hirupan akherat.
Firman Alloh Swt:

وَابْتَغِ فِيْمَآ اٰتٰىكَ اللّٰهُ الدَّارَ الْاٰخِرَةَ وَلَا تَنْسَ نَصِيْبَكَ مِنَ الدُّنْيَا وَاَحْسِنْ كَمَآ اَحْسَنَ اللّٰهُ اِلَيْكَ وَلَا تَبْغِ الْفَسَادَ فِى الْاَرْضِ ۗاِنَّ اللّٰهَ لَا يُحِبُّ الْمُفْسِدِيْنَ
(القصص : 77)

“Jeung prak geura tareangan ku aranjeun tina sakabeh karunia Alloh ka aranjeun teh (kabagjaan) kampung akherat jeung poma aranjeun ulah rek mopohokeun kana nasib aranjeun tina (kanikmatan) dunyawi. Jeung pek geura nyarieun kahadean (kasasama jalma) saperti Alloh geus mere kahadean ka aranjeun. Jeung poma aranjeun ulah rek nyarieun karuksakan di luhur bumi ieu. Saestuna Alloh teu mikaresep ka jalma-jalma nu sok nyarieun karuksakan”. (QS. Qoshosh, 28: 77)

Hadirin rohimakumulloh
Satiap datangna parobahan waktu urang kedah muhasabah (ngahisab diri), sangkan tiasa ngamangfaatkeun waktu sahade-hadena pikeun ngahontal kabagjaan dunia jeung akherat.
Dumasar kana amalna di dunya, manusa dibagi jadi tilu golongan sakumaha firman Alloh Swt. :

ثُمَّ اَوْرَثْنَا الْكِتٰبَ الَّذِيْنَ اصْطَفَيْنَا مِنْ عِبَادِنَاۚ فَمِنْهُمْ ظَالِمٌ لِّنَفْسِهٖ ۚوَمِنْهُمْ مُّقْتَصِدٌ ۚوَمِنْهُمْ سَابِقٌۢ بِالْخَيْرٰتِ بِاِذْنِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ هُوَ الْفَضْلُ الْكَبِيْرُۗ (فاطر : 32)

“Terus eta kitab teh ku Kami di wariskeun ka jalma-jalma anu dipilih ti antara abdi-abdi Kami; mangka ti antara maranehna aya anu nganiaya dirina sorangan; ti antara maranehna aya anu pertengahan; jeung ti antara maranehna aya oge anu paheula-heula nyieun kahadean kalawan idzin Alloh. Anu kitu teh karunia Alloh nu kacida gedena”. (QS. Fathir, 35: 32)

Sabda Rosululloh SAW :

مَنْ كَانَ يَوْمُهُ خَيْرًا مِنْ أَمْسِه فَهُوَ رَابِحٌ، وَمَنْ كَانَ يَوْمُهُ مِثْلَ أَمْسِهِ فَهُوَ مَغْبُوْنٌ وَمَنْ كَانَ يَوْمُهُ شَرًّا مِنْ أَمْسِهِ فَهُوَ مَلْعُوْنٌ

“Sing saha anu kaayaan (amalan) poe ieu leuwih alus ti poe kamari mangka untung; sing saha anu kaayaan (amalan) poe ieu sarua jeung poe kamari mangka rugi; jeung sing saha anu kaayaan (amalan) poe ieu leuwih goreng ti poe kamari mang-ka cilaka (dila’nat)”. (HR. Adz-Dzailami)

Hadirin rohimakumulloh
Sakumaha katerangan tadi, mangga urang ningkatkeun amal soleh sareng nyampurnakeun tina sagala rupa kakirangan. Alloh Swt. parantos masihan tungtunan hirup ka urang sadayana sangkan hirup taliti, ati-ati tetep taat ka nu Maha Suci Alloh Robbul Izati.
Firman Alloh Swt:

يٰٓاَيُّهَا الَّذِيْنَ اٰمَنُوا اتَّقُوا اللّٰهَ وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَّا قَدَّمَتْ لِغَدٍۚ وَاتَّقُوا اللّٰهَ ۗاِنَّ اللّٰهَ خَبِيْرٌ ۢبِمَا تَعْمَلُوْنَ (الحسر : 18)

“Hey jalma-jalma anu ariman, prak aranjeun takwa ka Gusti Alloh, jeung sawadina satiap diri merhatikeun naon-naon nu geus dipigawena keur poe isukan (akherat). Jeung prak aran-jeun takwa ka Gusti Alloh. Saestuna Alloh Maha uninga kana naon perkara nu ku aranjeun dipigawe”. (QS. al-Hasyr, 59: 18)

Hadirin rohimakumulloh
Takwa ka Alloh Swt tiasa ngawujudkeun kauntungan, kabagjaan jeung karidloan Alloh Swt di dunya dugi ka akherat. Mudah-mudahan urang sadayana tetep aya dina hidayah, inayah, karunia sareng pangampurana
Mung sakitu pedaran mimbar dakwah, sing ageung manfaatna.

بَارَكَ اللهُ لِى وَلَكُمْ فِى الْقُرأنِ الْكَرِيْمِ وَنَفَعْنِى وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، اَقُوْلُ قَوْلِ هذَا وَاسْتَغْفِرُوْهُ اِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمِ

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Editor : Basirun,SPdI

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *